Advertisemen
Ditalipak
Album: The Best Of (2001)
Artis: Doel Sumbang
LYRICS
Bobogohan lima belas bulan
Jeung si Denok urang banjaran
Randa ngora hade rupa
Anak bungsu bandar gula
Salah naon atu salah salah naon
Dosa naon dosa naon
Kurang naon ari akang kurang naon
Di putuskeun di tengah jalan
Hawar hawar meunang beja
Dijodokeun ku kolotna
Jeung pulisi lalu lintas
Kang Wahyu urang ci Cadas
Randa ngora hade rupa
Serab ku pangkat jeung banda
Ka kuring ngadadak tega
Nyieun surat putus cinta
Hanas kuring guda gade
Brobroan barang bere
Pangaboga ampir beak
Teu sangka rek ditalipak
[Nya teu nanaon]
[Gering gering oge da kudu pasrah meureun lain jodona]
[Ngan omat we ka kakng Wahyu]
[Nitip ]
[Ulah dugi ka dinyenyeri]
[Nyaah abdi ka manehna teh kang Wahyu]
[Sok we mugi remah tangga sing tartib]
[Sa tiasa tiasa we sapertos nartibkeun lalu lintas]
[Nitip kang Wahyu]
Bobogohan lima belas bulan
Jeung si denok urang banjaran
Randa ngora hade rupa
Anak bungsu bandar gula
Salah naon atu salah salah naon
Dosa naon dosa naon
Kurang naon ari kuring kurang naon
Di putuskeun di tengah jalan
Hawar hawar meunang beja
Dijodokeun ku kolotna
Jeung pulisi lalu lintas
Kang wahyu urang ci Cadas
Rada ngora hade rupa
Serab ku pangkat jeung banda
Kakuring ngadadak tega
Nyieun surat putus cinta
Hanas kirung guda gade
Brobroan barang bere
Pangaboga ampir beak
Teu sangka rek ditalipak
[tos dahdir,, eh takdir]
☆☆☆
Add Comments